JAWA BARAT | FOKUSPRIANGAN.ID – Satiap maca sajarah peradaban, dimana wae moal henteu pinasti pangih jeung hiji kanyataan, yakni situasi nu paling henteu ngonang kontroversi. Hartina hadirna pajoang parobahan kanu leuwih alus, dina tulisan ieu make kecap ‘reformer’ (meh rada legeg saeutik baca), nalika milampah pagawean nu cenderung tara biasa, teu tuman, jeung teu lumrah nurutkeun ukuran alam pikiran umum jalma nu rea. Dina hal ieu ge sok remen ngadatangkeun situasi mental nu tadi landey, ujug-ujug jadi aya ka rewas (shock) anu kacida karasana, sabab aya nu keur dibebener keun sakaligus keur dilelempeng ku eta reformeh teh, supaya kadituna kahirupan cocog jeung sakuduna, bisa merenah ‘cop’ kana nilai nu disebut bener atawa alakadar ideal di zaman na.
Jadi geus ilahar lamun nangtung na eta reformer jeung badea baladna keur migawe jalan panjang memeres nu saestuna loba teu beres salila ieu. Kusabab kitu, tong kaget ngaranna ge memeres pasti bakal gudak geduk, budag badug, jeung dudupak, atawa nu paling pas mah, jadi rea nu kadupak. Jeung tong jadi kaget, lamun tea mah kalolobaan nu dipigawena na sok jadi kontoversial alias teu munasabah jeng nu biasa. Nu kieu biasana lumrah, alami, tur asa piraku lamun teu kitu-kitu acan mah. Tapi sing inget, satemenna aya perkara nu tong dipopohokeun dina “kontroversi” ieu, nyaeta “eusi” tina anu di kontroversi keun tadi. Nga ‘make over’ lahir ulah nepi ka mopoho keun ‘eusi’ ning nurani. Jadi sabenerna ‘kontroversi’ mah kaci, tapi ‘eusi’ kudu jadi nomer hiji.
Eusi dina hal ieu, cohagna salain ti esensi ontologi (materi udagan) na, eusi teh aya kaitan dina hal epistemologi (cara nu hakiki) jeung aksiologi (tujuan) na. Hartina kudu loyog antara “paniatan”, “cara” jeung “tujuan” nu di seja. Didieu kudu lumaku jalma kana karakter kaadaban, tetep kudu make etika, loyog kana aturan, jeung sagala kawijaksanaan atawa kaarifan anu kudu bener-bener diperhatikeun, sangkan laukna beunang tur caina herang. Tangtuna butuh katulusan anu jadi lalawuh tina cara ngarobah kaayaan jeung dasarna nilai kaikhlasan sajati. Lamun tea mah leupas tidinya, justeru nu tumiba kalahkah jadi ruksak naon-naon nu jadi udagan.
Reformer teh euweuh lian ti kajaba jadi bagian ti jalma-jalma nu ulubiung dina parobahan sangkan hirup leuwih naek darajatna. Ieu jalma-jalma nu kaasup nu nyieun sajarah dina kaadaban manusa, mangka dina dirina perlu aya kakuatan anu leuwih dibanding jalma lain diantarana wawanen, handap asor, daek ngalayani, jeung pinuh ku pangorbanan. Ieu kabeh bagean tina nilai “al-futuwwah’ mangrupa ekspresi moral anu diwujud nyatakeun dina hirup kumbuh sapo-poe.
Tangtu mibanda sifat-sifat al-futuwwah lain pagawean enteng, tapi beurat kacida, tapi sok sanajan beurat, eta teh mibanda kamulyaaan nu gede kacida. Rek teu mulya kumaha, lamun eta kabeh syarat lain wae kumpul dina spiritual na tapi oge nangtung dina hirupna. Mangka eta jalma nu kitu geus boga kasiapan anu konsisten jeung komitmen antara hate, ucap, jeung lampahna. Ieu kabeh bakal jadi kasajatian sifat-sifat kapamimpinan anu dianti-anti. Sakali deui, yen kontroversi pasti lumaku, tapi teu poho kana eusi. Jadi lain sakadar pencitraan atawa nambah kasohoran anu di teang teh, tapi justeru dibalik eta aya nu pokok kudu dipintonkeun, nyaeta kamaslahatan hirup keur sakabeh alam raya ieu, lamun ceuk bahasa Qur’an mah nepi ka tujuan ‘rahmatannlil’alamin’.
Dumasar kana udagan transendental tadi, maka keur para penggiat jeung pajuang parobahan alias reformer tadi, kudu jadi catetan yen ngarobah hiji kaayaan, kudu dipariksa naha eta parobahan teh arahna kana naon-naon nu dipikahayang ku Pangeran Pamilik alam dunya ieu atawa sabalikna, saukur jeung sakadar kahayang hawa nafsu na. Pariksa jeung riksa tur taliti, eta parobahan teh nincak henteuna kana aturan agama jeung darigama. Hartina energi anu gede nepika kontroversi jadi utama, kudu tetep dina galur jalan kahirupan nu sajati. Wawanen anu geude atawa sok di istilahkeun leber wawanen na atawa teuneung ludeung ngan wungkul dina bebeneran. Sikap tegas jeung tuntas, kudu dibarengan ku rasa adil jeung tanggung jawab, sabab akhir tina hadirna jalma nu gede wawanen teh nyaeta kahirupan anu aman jeung netramkeun sakabeh pihak.
Servant leadership ngajadikeun laku followers na jadi tambah singer, hideng tur daekan, fokus jeung boga prioritas dina ngalaksanakeun tugas. Manehna boga ajen merhatikeun tur ngaheulakeun kabutuh batur, samemeh dirina. Reformer sajati “ulah loba sakabeh-kabeh, kudu tungkul kajukut tanggah kasadapan”, dina hal ieu kudu fokus tong loba teuing pikiran, keureuyeuh nu disingareupan, sesana kudu boga “himmah” keur kamajuan hirup babarengan-sakabehna. Pamimpin nu melayani tara daekeun adigung adiguna, tapi kudu handap asor. Teu eraeun jeung teu pernah musing mun ngalayani urusan batur, sok sanajan dirina ge loba urusan. Manehna gede hate, rumusna “reseiving is giving” = mun mere, pasti aya nu mere. Ujung tina sikap ieu nyaeta optimis, gede hareupan, jeung hirup berkemajuan.
Coba urang lengkapi sauetik sifat jeung ciri lain servant Leadership. Diantarana, yakni : (1) remen ngadengekeun, tibatan hayang wae didenge ku batur; (2) empati, ngarasakeun mun aya di posisi jiga batur; (3) daek ‘hiling emosional’, memeres hubungan nu alus antara dirina jeung batur, wani ti heula menta hampura jeung wani ti heula menta hampura, nyebutkeun nuhun lamun batur mere kahadean, jeung teu baha ngucapkeun punten lamun ngaliwat, sok sanajan batur nu kaliwatan cicing wae; (4) kasadaran (awareness) dina mibanda pamahaman jeung daek nyuprih elmu, etika, jeung nilai-nilai kamajuan; (5) persuasif, remen nyoba ngayakinkeun batur ku omongan jeung tingkah tauladan na, jauh tina maksa jeung ngancam batur; (6) konseptualisasi; (7) jeli tur taliti (foresight); (8) terbuka; (9) boga komitmen pikeun pertumbuhan jeung kamajuan babarengan; jeung; (10) ngabangun komunitas (building community (Spears, 2002:27).
Servant leadership teh melayani tur mimpin, mibanda diantarana makna nu sok di uar-uar di mamana, nyaeta “kolektif kolegial”. Nu paling penting keur pribadi nu ngapimilik karakter servant leadership bisa nga gabungkeun dua nana (ngalayani jeung mingpin), tur saling nguatkeun sacara positif (Trompenaars & Voerman).
Didieu jelas yen pamimpin pelayan atawa pelayan anu mimpin, teu ngan sakadar mimpin tapi mere ruang gerak supaya nu di piminpin na bener, pinter tur cageur bageur. Maka pamimpin nu jiga kieu sok hantem ngaberdayakeun rahayat supaya tambah harkat jeung kualitasna. Manehna satekah polah tuluy-tuluyan nguatkeun tim, ku cara milih jalma-jalama anu pantes aya dina tim ku spirit meritokrasi anu jauh tina kolusi manipulatif. Jeung salila na mere motivasi supaya batur tumbuh jeung berkembang supaya daek mantuan arah kapamimpinan na. Alhasil servant leadership rajen nunjukkeun loyalitasna pikeun mere kahadean paling hade ka batur saloba-lobana (dedicated of good the others). Kukituna satemenna satiap pamimpin di uji kalayan sajati ning kapamimpinan nu sajati-jatina, tah diantara na kudu daek ngalayani umat manusa sakabehna (khodimul ummah). Rasulullah SAW midawuh dina hal ieu:
“Sing saha jalma anu mere kagampangan ka sasama nu dina kaayaan sulit, tanwande Allah bakal mere kagampangan keur dirina, ima di dunya ima di akherat.” (H.R. Muslim).